Amprok Deui
Gembréng. Gitar uing sahéng. Hareupeun imah ieu deui. Nu pangeusina geulis kawanti-wanti. Nu teu loba ékol atawa ngusir nitah uing indit deui. Ayeuna ogé kitu. Srog, golosor. Lima rébu. Minggu kamari mah méré dua rébu. Undak geuning.
Ah, rék diémbohan salagu ku uing. Hanjakal Si Ibu téh teu wanieun paadu teuteup. Ngarérét ogé mung sakiceup. Najan sok tuluy ngaléos ka jero, da angger panto imahna mah diantep titah molongo. Boa rék lenga-lengo deui. Kawas petana minggu kamari.
Gembréng. Sora uing beuki ngajelengéng. Cempréng ceuk batur mah. Tapi Si Ibu kalah diuk di tengah imah. Ngadéngékeun sora uing bangun nu genah.
Réngsé lagu émboh. Uing maksakeun ngaléngkah. Bari haté mah tugenah. Tuh nya, Si Ibu téh kalah ngajanteng di lawang panto ari uing geus jauh mah. Betah lah, nempo raray si Ibu éta téh. Atuda sok ngolébat wae beungeut ema baheula. Basa ninggalkeun uing sorangan di sisi darmaga.* Asep Komara - kisuta.com


