Requiem Bulan Katompernakeun
SIMPE. Sasimpe-simpena! Ukur sora napas nu ngahegak, kesang ngagarajag, sakali-kali kareungeu humarurungna Kinasih nandangan lara anu kacida. Sasat keur bajoang tarohan nyawa geusan ngagelarkeun buah hatena nu geus lawas dianti-anti ku manehna.
"Sing sabar, sing kuat, Geulis...!"
Sakali-kali sora indungna semu dumareuda nyumangetan, ampir kasilep ku gumuruhna harepan nu meh peunggas direngkas kanyataan.
"Ema...na kamana ari Kang Rahman...?" sora Kinasih mani haroshos.
Teu aya deui nu nyoara, can kaburu kajawab ku indungna, yen salakina teuing dimana, reujeung saha, jeung nu jelas geus teu ingeteun ka dirina.
Kinasih ngahinta disusul ku koceakna jabang bayi nu kakara apal legana dunya. Lalaunan panon kinasih peureum, ngalempreh, atmana ngabelesat ninggalkeun raga jeung panggung dunya.
Simpe. Ukur sorot-sorot panon anu kosong, arca-arca jiwa anu ilang dangiang, katideresa ku panjara rasa sewang-sewangan.* Zulaikha Sobana - kisuta.com


