Sastra & Humor
Fikmin
Elegi Peuting
Jumat, 26 April 2013
ANGIN peuting nyawélan gadona. Nalaktak kana sela-sela hariguna, sésélékét sajeroeun tank top. Puriding, muriding sabulu-bulu. Nyot, peledug. Pikiran ambusarut. Rabul rupa-rupa tagihan. “Paling elat poé isuk!” ceuk Kepala TU nu
megat balik sakola. Jajantungna beuki ratug. Wanci geus nyedek ka peuting. Taya hiji gé motor nu ngarandeg. Haténa guligah. Nincak ka janari leutik awakna beuki mucicid. Reg, lalaki tengah tuwuh. Samar-samar. Awakna rangkebong. Heok, bau alkohol. “Tah, geuning malaikat,” ceuk haténa. Sanggeus sapuk adu harga, duanana mangprung ka tonggohkeun. Nembus peteng, meulah peuting. Koléang. Gebrus, kana jungkrang. Kocéak. Jep. Isukna ngajeblag jadi head line, “Anak jeung bapa ngemasing pati”.* Nana Sukmana - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


