Pitapak Dukun Lepus
"KAHARTI ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dewek. Pasubuh-subuh. Parebo-rebo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dewek". Serebung. Bah Damini niupkeun haseup surutu. Panonna teu leupas tina tipi elsidi sagede lomari.
"Kabeh papada hayang disareatan. Dipangnarekahankeun. Menta-menta, sangkan kabagean korsi”. Gap kana emuk. Suruput. Cag. Cikopi ngagarantung dina kumisna. “Heueuh teu rek parebut kumaha atuh. Harega korsi teh hijina dua puluh juta geuning. Mahi jang maraban jelema sakacamatan”. Selengseng. Ti palebah kamar kaangseu beuleum menyan. “Tah, aya nu rek datang yeuh !”. Rap make pangsi. “Padahal najan jieunan Jerman ge, angger we geus dikokos beurit mah, rawek korsi teh”. Cetrek. Mareuman tipi. Bus ka kamar. Poek. Pindingna sing sarwa hideung. Ukur dicaangan ku ruhak parupuyan. Andekak. Gegerenyeman. Haseup ngelun tina parupuyan. Jelegedeg. “Nuhun, Bah. Ku tarekah Abah, uing laksana kabagean korsi”. Rup. Nu ngabedega dirungkup ku heurap. “Beunang, siah ! Hurungkeun lampuna, Bah!”. Cetrek. Bray. Jelema ngagimbung di jero kamar. Samagreng. Ngariung beurit gede nu keur kokoseh handapeun heurap.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


