Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Sanggeus Gatotkaca Meeting

Sabtu, 27 April 2013

AMARTA gonjang-ganjing. Dipukpruk sasalad. Gatotkaca ngabelesat. Mébérkeun jangjangna, semu didéngdekeun. Bari nyuay-nyuaykeun runtah satelit. Sirahna nutug mudun, nyiriwik meulah méga. Bleg. Jagat inggeung, cai laut ngéplok. Nu keur carindekul sisi basisir ngarénjag. “Eum, anger ari geus ngareureuwas téh, Ki Adi mah,” ceuk Jakatawan. Bari neuteup laut nyayeud ku sarah. “Enya, barina ogé getol-getol teuing atuh, kana tugas téh!” Antareja mairan. Tilu sadulur silih rangkul. Sono. Ngaharuleng. Laju uplek ngarobrol. Yén geus sapuk, rék ngundurkeun diri tina jabatana. Geus sangeuk ngajomantara, teu betah. Jakatawan jeung Antareja méh sarua nembrakeun alesanana. Laut ngan kari caina. Kuled, hinyay. Eusi bumi geus ledis. Sieun katudingan. Cenah, éra ku rayat. Barang keur kitu, ti tengah laut aya nu nyuruwuk. Dumadakan ombak tingjelegur. Pucunghul. Kabireungeuh. Nu jadi bapana keur ngagusur Suyudana. Dilelep-lelep teu meunang ampun. “Kurang ajar siah campelak ngaruksak, ngahihileudan rayat jeung nagara aing!” Ngagerem. Suyudana babaung.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya