Pa Tani
LEMAH cadas lamping haté, diwuluku nata téras. Bar ngampar lahan harepan. Sinebaran pawinihan. “Duh jungjunan, panutan ati. Sri Apsari bagéa sumping,” Pa Tani mapag kakasih.
“Nun! Ieu kaula datang,” Jeng Sri nété katumbiri.
“Sumangga cai katresna.”
“Nuhun, Kang. Banget katampi.”
“Rabukna galuget angen. Mangka betah mangka génjah. ”
Nyéh Jeng Sri seuri sugema. Sidéngdang begér munggaran. Panangan pating arulang, ngarandakah héjo ngémploh.
Reup sareupna, poék datang. Duruwiksa tingketeyep. Tinggulayun ngarangsadan.
“Kakaaaang! Tuluuuung aya baya!” Déwi Sri ceurik ngajerit.
Pa Tani huthét buméla. Werejit birat lalumpat.
Panceg poé ka saratus, buah sih tresna lugina. Baleuneur beungbeurat sangga. Hiliwir angin ti dayeuh. Mawa pawarta guligah. Pa Tani hanas sugema. Pangaji jauh ti misti. Teu wasa majar kumaha. Taya tangan pangawasa.* Helmi Pakudjati - kisuta.com


