Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Sweet Seventeen

Minggu, 28 April 2013

UMUR tujuh welas taun. Umur anu istiméwa. Nalika umur tujuh welas taun datang, aya anu nyieun pésta, aya anu hariwang sabab can boga kabogoh ogé aya anu héboh dangdan sangkan potrét dina KTP munggaranna alus, cenah. Bonéka. Cinta. Coklat. Kembang. Surat. Jadi lalakon anu milu saruka bungah dina umur tujuh welas taun. Tapi manéhna. Sabalikna. Dina milangkalana anu ka tujuh welas. Manéhna malah ceurik bari leuleumpangan mapay imah paraji – bidan – rumah sakit. Hayang nyobaan ngarasakeun kanyeri indungna basa rék ngalahirkeun manéhna. Hésé. Baheula, paraji jeung bidan teu sanggupeun. Anu tungtungna ka rumah sakit. Tujuh welas kali manéhna kukurilingan. Disaruakeun jeung umurna. “Mah ti yuswa lima taun abdi ngalakonan ieu, hoyong ngaraoskeun kumaha capéna Mamah. Abdi alim upami kedah ngarayakeun pésta, tapi kapungkur dina waktos anu sami Mamah nuju kasiksa. Saleresna abdi sedih, naha kedah didieu lirénna kukurilingan téh,” pokna bari nangkeup nisan indungna.* Indah Eka Lestari - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya