Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Bati Ihlas

Minggu, 28 April 2013

WANCI sareupna. Layung ngempur marengan léngkahna. Leuseuh. Daganganna euweuh hiji gé nu nawar. Tapi teu matak leutik haté. Neruskeun léngkahna nyorang jalan nu teu soméah ngabagéakeun. Lempangna gagancangan. Ngong adan, tepi ka nu dijugjug. Tempat panyaluuhanna. Cag, tanggungan diécagkeun muru pancuran. Beberesih, wudu. Husu nganteng ka Manten-Na. Batinna galécok. Tawadu. Bérés solat teu tuluy cengkat. Mendeko masrahkeun pamustunganna. Ihlas kana nasib diri. Teu karasa cimata maseuhan pipi, ras inget ka anak pamajikanna. Nu pasti keur ngadago-dago. Ukur bisa ngagerentes, “hampura bapa...” Jung cengkat, semu nu suda ninggalkeun pangsujudan. Hareugeueun barang ningali tanggungan geus euweuh dina tempatna. Kututang kotéténg néangan ka unggal juru. Weléh teu kapanggih. Gék diuk bari istigfar. Torojol lalaki tengah tuwuh nyampeurkeun. Solongkrong ngajak sasalaman. “Ujang nu boga dagangan téh?” “Sumuhun.” “Bapa katitipan ieu...” bari ngasongkeun amplop. Amplop teu buru-buru ditampa. “Ti saha, amplop naon?” Can dijawab pananyana, lalaki tadi geus ngaléos, ninggalkeun amplop di gigireunna.* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya