Manusa jeung Sato
TINA mongkléng, bray caang. Reuwas kacida. Asa hésé kénéh ngambekan. Titingalian can atra pisan. Sirah lieur kénéh baseuh jeung kaambeu hanyir getih. Kitu deui dina buuk jeung awak. Saeutik panon mélétét néwak kelir nu can écés pisan.”
Dimana kuring ayeuna?”. Can sanggup ngusikeun awak, asa dibakutet. Kucap-kiceup neges-neges anu sakirana geus wanoh, lebeng teu kapikir, ngan nempo popoéan ting alawir, kasorot panon poé. Kokombongan déét, leungit. Mecakan nginget anu lumangsung? Hésé, kawas pé-ér engké jaga, da teu ngapalkeun. Geus lila pisan dina bulenan, tempat kuring kungsi ngeukeupan indung, bari nguyang getih. Ayeuna hésé pisan diuk ogé. Lalaki anu sok nindihan indung kuring, teuing ayeuna kamana? Biasana wanci maju ka peuting, sora napasna, kadéngé haroshos bari humaregung . Wanci geus nyérélék, indung anu nguyumbang getih nangkeup kuring. Indung kuring kaciri juuh ku cimata, kuring diasupkeun kana kardus kosong, ditilaman lalamakan, diteundeun dina wadah runtah. Pileuleuyan anaking.* Iwan Hanjuang - kisuta.com


