Kicimpring
SAMPEU mantéga ngahunyud di juru dapur. Hiji-hiji dipesékan. Si Cikal jeung nu panengah bagéan marud. Lalaki mah najan can sawawa sok bedas tanagana. Kuring jeung si bungsu bagéan nyitak dina turub panci almunium. Mun geus
reuteum, dirungkupkeun kana aseupan nu nyelegon dina sééng tambaga nu nyéngsréng. Sanggeus dipindahkeun kana nyiru, dipoé, tuluy digoréng, dibungkusan. Bari sakola, barudak marawa kicimpring jualeun. Alhamdulillah, kicimpring geus nganteurkeun barudak yatim naramatkeun sakolana, oge nyampurnakeun rukun islam pikeun kuring.
“Nyanggakeun, Bu Haji,” rada ngarénjag, mireng Mang Darsim mikeun duit téh. Kicimpring siap diiangkeun ka Jambi jeung ka Palembang, sanggeus minggu kamari ngirim ka Bali jeung ka Lombok.* Teti Taryani - kisuta.com


