Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Panyawat Pun Bojo

Senin, 29 April 2013

“Gagah da uing téh,” ceuk gerentes bari ngeunteung. Maké setélan jas lengkep jeung dasi. Geus seungit parfum, buuk geus dijélian sina rada rancung bari kadeuleuna baseuh baé siga kakarak mandi. Deuk mingpin rapat di kantor poé ieu jam 08:00.
“Nak, duluan berangkat sekolahnya, pakai motor mamah saja”, ceuk pamajikan ka budak. Budak ngageuleuyeung, pamajikan ngaléos ka kamar mandi.
“Pah, mamah sakit kepala,” pokna basa uing deuk indit pisan. Mamaké baju saré nu ipis pulas kayas. Ngalangkang . Panona sayu bangun tunduh, lambeyna ngabelenyéh seuri imut. Imut nu uing geus surti.
“Sesekali telat ngantor satu dua jam kan engga apa-apa,“ pokna deui bari ngudaran jas jeung dasi nu tadi dipangmasangkeun. Panyakitna keur kanceuh.
Bari ngagares cikur, uing sms ka sekertaris, “Rin, tolong diatur rapat diundur jadi jam 10.”* Yayan 'Bedog' Supriatna - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya