Samagaha
NGULISIK kahudangkeun kunu keur renghap ranjug bari nelepon. Panon meletet, ambekan ditahan, ngarah teu kanyahoan keur ngadedengekeun. "Mar, deui atuh... ngarah Akang tibra.." Sora manehna haroshos nompo kana henpon.
Angen ratug, hate nyongkab panas. Ditungtungan ku " Wilujeng enjing, jungjunan, ke tepang deui di kantor".
Jung manehna cengkat tina korsi deukeut jandela, cat kana kasur ngedeng nukangan, teu lila kapireng sora kerekna. Kuniang hudang, diuk na sisi ranjang, panon mencrong kanu ngageubra, na tikoro nyelek piceurikeun. Nu tibra nyeukeukeuk seuri dibarung gundam " Han...., aduh.." Cipanon murubut, piraku ari kudu dikabiri mah, meni teu ngalarung nu burung teu nyesakeun nu edan. Teu euih-euih ngalajur napsu. Hawar-hawar adan awal ngalanglaung. Hate geus gilig, da hirup teh loba pilihan. Kojengkang ka tukang, dapur nu poek mongkleng, peteng siga hate kuring.* Tiktik Rusyani - kisuta.com


