Kabé
"NYI Iroh, kumaha jojodog? siap?"
"Gandéng lah, jojodog mah geus dioméan.. ngan ieu jempol suku bareuh kénéh.."
"Matakna atuh ulah tarik-tarik teuing najongna, meni sataker kebek kitu"
"Tuda teu tarik kumaha ? watir atuda sing jadi deui budak.."
"Teu jadi budak heueuh, tapi tukang sekoteng bancunur sirahna ku jojodog.."
"Ah, bonganna sorangan, sok untap intip sagala.."
"Jadi kumaha ateuh?"
"Naon?"
"Daripada euweuh pagawéan, mendingan urang pacolok-colok bujal yu?"
"Pacolok-colok bujal kumaha ari Akang ? aya-aya waé.."
"Nyi Iroh nyolok bujal akang, Akang nyolok bujal Nyi Iroh... !"
"Oh..hayu atuh.."
Jetrek, lampu dipaéhan, kadéngé ngan sora haroshos. Teu lila..
"Kang, cenah nyolok bujal?"
"Naha kitu?"
"Naha lain bujal Iroh nu dicolokna?"
"Baé atuh Iroh, da Akang gé nyolokna lain ku curuk ieuh."
"Euuuuuh... bakal jadi budak ieu mah!"* Is Tuning - kisuta.com


