Sastra & Humor
Fikmin
Peureum Hayam
Selasa, 30 April 2013
TEUING kumaha mimitina. Najan awéwé budak téh resep pisan nonton acara motojipi. Wanci geus nyedek ampir janari. Indung budak ti bada Isya hayoh wé nyisiran rambut, méré kodeu ti ditu na mah. “Tikaaa..! Geura obo geulis, bilih
gugah kasiangan, pan énjing sakola”. Bari jeung besengut, satengah haté, Tika, anak kuring, umur 10 taun kurunyung asup ka kamarna. Teu lila. Indung budak narik leungeun bari satengah ngaharéwos, “Pa, pareuman lampuna, ké diemut.” Jeroning kamar, Tika ngahuleng. Ngagerentes, nya ti iraha mamah sok ngemut bohlam? Satengah jam ti harita. “Mah, cuang kaluar bareng yuk!” Ti sagédéngeun kamar Tika ngagorowok, “Bapaa..! ngiriiiing!” Beuu..!?* Helmi Pakudjati - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


