Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Km 115

Selasa, 30 April 2013

LAMPU dicetrékkeun kana dim, cahyana mabra nyaangan jalan nu rék disorang. Musik tina tip ngahaja distel ditarikkeun. Lep, pedal gas ditincak. Mobil ngadius, speedometer nunjuk angka 150. Tihang-tihang lampu nu kaliwatan sapanjang jalan tol lalumpatan ninggalkeun manéhna.
Husu nyupiran. Mobil anteng neureuyan jalan nu leucir. Lila-lila panon karasa beurat, sakapeung ngalenyap. Leguk kratingdaéng. Cénghar meueusan. Keur jongjon, ti kajauhan katingali aya nu gugupay. Dua leungeunna diayun-ayunkeun ngabentuk tanda silang. Kawas nu nyarék neruskeun lampah. Teu dipaliré. Wuuusss..!! Sakolébatan katempo janggotna bodas tur panjang.
Teu lila. Dumadakan lampu jalan parareum. Mobil kawas nu nyawaan, teu bisa dikadalikeun. Sabuk pengaman nu meulit na dada ngabakutet awakna tarik naker. Eungap. Peuting poék mongkléng.
Pas hudang, pohara reuwasna. Nu tadi gugupay diuk nyupiran, manéhna diuk di korsi gigireunna. Mobil ngabelesat ka jomantara. Saacan ngapung, karérét ku juru panonna. KM 115. Sarua jeung tanggal manéhna digubragkeun ka alam dunya.* Eboed Eman Budiman - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya