Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Kadal

Selasa, 30 April 2013

“BAHEULA mah, lebah dinya téh aya jalan ngajepat ngulon-ngétan, parat nepi ka kebon kawung Wa Encuh,” saur uyut bari tutunjuk. “Ari kebon salak di béh kidul urut kantor Bappenas, peuntaseunnana bumi Wakil Présidén, béh kulonna aya garéja. Nu ayeuna dikebonan térong, urut imah Dubes Amerika, méh paeunteung-eunteung jeung bumi Gubernur kaléreunnana,” saur uyut deui, bari teras nyabutan jukut.
Balik deui jadi leuweung teh, masih saur uyut, nya saprak dirurug ku pasukan Jarébadi. “Teu nepi sapuluh taun, jelema téh pada ngorotan. Parindah, sawaréh ka Pamarican, lolobana mah mareuntas ka Ustrali, ka Queensland atawa ka Victoria pisan. Malah aya ogé nu lumpat ka Tasmania, siga kapibao manéh,” pananganna ngabalangkeun jukut kana galengan piboledeun. Mani ngahujud. “Teu rék birat kumaha? Harita, umur uyut karak genep taun, sawanna gé teu eureun sataun, neuleu kadal ngadarakom di hareupeun panto, sagedé-gedé tangkal kalapa”.
Kuring ukur seuri maur. Suku kenca nincak taktak singkup, ngabebeskeun jukut kana galengan.* Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya