Rudal Baladéwa
GEUNJLEUNG sajajagat pada ngadeugdeug. Di tegalan. Baladéwa keur anteng, ngelapan nenggala. Senjata pamungkas. Anu dipikagimir ku balaréa. Para gegedén, pamuka agama saban nagara hémpak. Ngareluk ketir. Kresna gogodeg,
Samiaji andiprek. “Beu, Kakang, nanaonan ieu téh..?” Kresna ngarawél leungeun lanceukna. Kalah diképéskeun. Dorna ngalangsud acong-acongan. Teu diwaro. Rayat Tumaritis tingjarerit. Baladéwa nulak cangkéng bari neuteup langit. “Yeuh, daréngékeun ku aranjeun,” pokna. Ngageter nahan amarah. “Dasar garebleg siah! Ngaku wé, cenah sadulur, sakanyeri, sakapeurih, mana buktina?” Nyentak. Sorana lir gelap. Nu haladir tingrarénjag. “Hayu jeung Aing, geura nawaétuan! Ngan hayam lisung nu wani ngabintihan, nandasa batur salembur mah,” Tatag. Aya nu tingkecewis. “Kresna, geura gunakeun atuh senjata cakra téh,” Kresna meureudeuy. “Samiaji, mana kalimusada téh?” Nu dirérét, beungeutna euceuy. Barang keur kitu, si Cepot nangtung. Bari mangku Baladéwa.”Agan..!” Rayat surak. “Horééé.., hidup, hidup…!” Jep. Aya nu tingkoléséd. Meungpeun carang. Tingkélémés, bari ngadudutan janggotna nu ngagebay.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


