Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Lukisan

Rabu, 1 Mei 2013

BADA ngalekik saban mili garajag késang. Bada ngahégak saban jeungkal sampulur awak. Wanoja gigireun. Sataranjang. Ngageubra. Diteuteup. Anteb. Laju cengkat. Diuk hareupeun kanvas nu geus digelar. Lalaunan. Leungeun tarapti mulaskeun koas. Ngagedatkeun gurat-gurit keureut beungeut. Anjeun baris langgeng dina ieu lukisan, sora gerentes. Rét kana riuk nu keur tibra. Teu usik. Teu malik. Gap kana balati. Niruk warnaning sajati. Koas terus ngaringkang. Saban guratna ngajirim rurumbay buuk. Ringkel halis. Liliuh panon. Kuwung-kuwung irung. Kekentob pipi. Iipis biwir. Gado. Parat nepi ka sapasi harigu nu ngaliglag. Anjeun téréh sampurna, gerentes deui. Rét deui ka gigireun. Sarimbag. Balati terus nyiriwik. Warna terus ngabayabah. Sakeclak demi sakeclak dibalurkeun kana biwir. Saulas pipi. Kongkolak panon. Katut wanda latar gambar. Tapi kelir bangun nu samar. Balati jeung koas teu kendat leuseuh. Nurih deui. Mulas deui. Sanggeus sawatara rénghapan. Dina kanvas. Anjeun imut. Imut nu lana dipitineung. Di gigireun. Wanoja angger ngageubra. Ragana raca norah bayabah.* Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya