Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Mémori Si Nini

Kamis, 2 Mei 2013

MANGSA séngsérang panon. Resep ka Ajeng, incu Aki Darma. Babaturan sakola madrasah. Sok tukeuran catetan. Heug ditulisan. “Aya salam, ka nu gaduh buku ieu,” Ajeng ogé ngabales dina catetan Uing. “Salam deui wé,” Haté bungah kacida. Geus amprok mah, ngabéléhém. Dada ratug. Balik sakola, kasampak si Nini keur diuk dina bangbarung. Molotot bari ngagilir-gilr sisig. “Yeuh, montong sok ngérakeun kolot, urang mah piit, batur mah heulang!” pokna. Uing melengek, teu ngarti. “Yeuh, barina ogé moal ka palupuh nangtung, moal ka lauk weureu!” si Nini beuki nyeuneu. Goréhél muka kandungan. Gebeg. Buku catetan ti Ajeng. “Buka! Pék buru baca, tadi manéhna kadieu!” pokna. Teugeug. “Saha nya, nu disebut manéhna ku si Nini téh?” Uing ngagerentes. Panasaran, geuwat dibuka. Bréh, aya tulisan aksara baheula. Laju dibaca. “Manéhna! Kami bungah, baheula teu laksana, sugan wé katuluykeun ku incu urang!” Si Nini kéom, jebi, bari ngaléos. Uing surak.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya