Lawang Sawarga
”HEY, Ungkluk..! Naha bet aya di dieu..?” Léngkah kandeg. Nété kari sahambal deui. ”Teu sudi kami kudu ngahiji jeung manéh di tempat suci ieu, nyingkah..!” Nu disebut ungkluk ngaheruk, ”Abdi ogé teu ngartos, naon margina aya di dieu. Rumaos numutkeun lalakon di dunya, tempat mulang téh naraka.”
”Salira gaduh hak lebet sawarga, Geulis..” Nu nyarita hiji lalaki kasép. Pan abdi janten saksina. Harita, abdi pisan nu nampi pitulung salira. Nalika hanaang dugi ka méh paéh poso. Salira nu maparin pitulung bari tandon nyawa. Ngala cai ku karembong. Dipeureut, diwadahan kana batok. Sanaos salira tuhur tikoro dugi ka paragat nyawa. Jalaran kitu, Gusti nu Maha Welas Asih ngalebetkeun salira ka sawarga.
”Naha da nu ditulungan ku kuring harita mangrupa anjing. Hiji mahluk nu dianggap najis. Mustahil..!”
Nu kasép imut saulas ” Dina manah salira pinuh ku welas asih. Eta pisan acining eusi sawarga..”
Lawang sawarga ngagemblang.* Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


