Kopi Amarah
"KOPI susu! Dua!" cék manéhna basa datang. Gék diuk bari édég nakeranan. Kuring laju ngoréléng ka tukang. Dekér ninyuh cikopi dua gelas. Tapi sajongjonan di tukang kalah ngahuleng. Haté ngageremet bari neuteup saab kopi. Kopi
anu tangtu bakal jadi kopi anu kasakitu puluhna, anu teu dibayar ku manéhna. Kopi hideung, kopi susu, tri in wan, mokacino...
"Ku aing dibéré nu istiméwa siah!" cék haté. Crot kopi téh diciduhan dua kali. Tuluy dipurulukan korong garing sésa salésma. Geus kitu, curuk kénca diasupkeun kana liang taeun. Ledot baé diulas-alés kana biwir gelas nepi ka rata. Kakara baé kopi téh dibawa ka hareup.
"Mani lila!" cék manéhna nyorongot. Kuring ukur imut. "Eumh, ngeunah kieu, yeuh," cék manéhna deui. Kuring imut deui.* Lugiena De - kisuta.com


