Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Jalma Soléh

Jumat, 3 Mei 2013

KASOHOR, saha nu teu apal ka manéhna, Kang Dodi. Dedeg sampé rupa hade, kalakuan tara réhé. Istuning pikaresepeun batur. Nurub cupu jeung pamajikanana. Rumah tanggana picontoeun, arang langka kareungeu paséa atawa gétréng. Sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan.
Ngan nyakitu téa jalma soléh mah, sok kasebutkeun tara lila umurna. Gusti nya’aheun, ceuk ajengan mah. Pon kitu deui Kang Dodi, ngadadak tilar dunya. Teu kungsi gering heula. Jalma salelembur ibur, careurik kingkin, komo kulawargana mah, teu sirikna lolongséran.
Nu ngalayad ngéntép, teu kaitung. Saméméh dikubur, wawakil kulawarga biantara, “Palawargi sadayana, nyuhunkeun karna Allohna, pangdungakeun Almarhum, pamugi dicaangpadangkeun di alam kuburna, dihapunten sadaya kalepatanana. Bilih aya kuat-kait perkawis sametan, mangga uningakeun. Bojona nu tanggel waler.” Nu biantara jempé bari rarat-rérét kanu ngalayad, niténan. Keur kitu, aya nu ngacung, wanoja tengah tuwuh, bari rambisak, ngomong : “Hatur punten, Almarhum gaduh kénéh sametan tilas mas kawin, 10 gram!” Bojona Kang Dodi cengkat, bangun teu ngarti.* Rudi Alfajri - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya