Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Hadiah Keur Widadari

Jumat, 3 Mei 2013

BASA amprok téh di lembur singkur. Matak betah. Can pati kaancloman hawa modéren. Umur geus wanci manceran. Jog anjog. Gok. Aya nu ngagenclang, keur ngajanteng di pipir tajug, ngélék mukena. Treup, paadu teuteup. Jedud. Widadari kapimilik nepi ka kiwari. Genah nyakinah taya kuciwa. Bati nalangsa. Can bisa nyenangkeun. Da pangala ukur sakopeun. Nempo tatangga meni reunceum. Gidig ka pasar meuli ali imitasi. Datang ka imah, disampakeun imut marahmay. Ali dipakékeun. Bungaheun pisan. Celengok nyium. ”Pa, teu aya seratan cincin téh?” Pokna. Deg. “Muhun,” cekéng. Bari ngélémés. Haté ratug. “Teu sawios Pa, nuhun sakieu ogé,” pokna, bari ngaléos ka dapur ninyuh cikopi. Ganti minggu. Pas datang ka imah. Kasampak, keur ngadangdanan si Bungsu. Meni jigrah. “Badé kamana Mah, meni tos saged?” Manéhna nangkeup bari ngaharéwos. “Pa, punten, hawatos ka si Adé, ngaéh waé hoyong sapédah! Wios cincin téh diical?” Leketey. Beungeut asa leungit. Cipanon teu kaampeuh.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya