Pahala Ngabohong
KURING telik sandi nu kacerek ku gerombolan. Unggal poé dideleksek, ditanyaan gemet pisan. Dirayu samalah nepi ka disiksana sangkan ngaku saujratna. Keur ngurangan siksaan, antukna teu euleum-euleum ngébréhkeun data palsu, nyaru yén kuring biluk ka maranéhanana.
Négosiasi hasil kuring dibébaskkeun, hingga bisa riung mungpulung deui jeung kulawarga. Tapi operasi can wekasan sabab dua batur kuring masih dibandang. Ngan hanjakal hubungan dua sobat kuring nu masih disandera rada kurang hadé. Tapi dibéjakeun ka kulawargana mah geus bérés roés, geus silih hampura samalah pohara lalayeutna tur daralit kacida, jadi batur saperjuangan. Hingga mangsa maranéhanana mulang ti médan juang, jadi beungkeutan nu sauyunan. Ragem!
Anjog ka imah bungah bungangang. Jaligrah. Pamajikan tihothat masak, hayang balakécrakan sakulawarga. Hanjakal idangan pangsét, cawérang. Basa pamajikan nanyakeun kumaha rasana, cekéng “Muantaps...! Cobi caina tambihan deui!”
Ayeuna kuring geus paripurna tugas, malah kiwari geus jadi pangeusi lembur Sampurna Raga. Tumaninah tur pikabetaheun. Hikmah tina kuring pinter ngabohong.* Ki Sunda Sawawa - kisuta.com


