Lulurung Labirin
DI lulurung labirin nu simpé ieu, kuring sorangan. Kukurilingan néang jalan kaluar. Méngkol ka katuhu. Salah. Bingung. Leumpang lalalunan. Méngkol ka kénca. Malah aya di jalan nu tadi. Kuring ceurik, tuluy lumpat satakerna. Ngurilingan
lulurung jeung péngkolan anu unggal menitna asa nambahan. Teu eureun kuring lumpat. Teu paduli bakal aya sabaraha hiji deui péngkolan nu kudu diliwat ku kuring, nu penting nepi di tungtung. Tapi tatadi asa kukurilingan didieu. Di palebah ieu, tempat basa anjeun ninggalkeun kuring.Di lulurung labirin ieu kuring reureuh heula. Ngayakinkeun haté yén kuring pasti bakal nimu péngkolan anu pamungkas. Kuring bakal tuluy sumanget, sangkan geura nepi ka anjeun, anu meureun geus aya di tungtung. Tapi di lulurung labirin ieu oge, kuring ngadadak teu yakin ka anjeun. Naha anjeun anu nambahan péngkolanna? Atawa sabenerna anjeun teu hayang kuring nepi di tungtung?* Indah Eka Lestari - kisuta.com


