Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kuncén Sumur Tujuh Turun Gunung

Sabtu, 4 Mei 2013

SAWARA nu patémbalan sing jorowok campur héwa, pabaliut jeung nu sing bangingik nyeungceurikan anakna, salakina, bapana nu jaradi korban. Pulisi, Tibum, pamswakarsa cakah cikih ngahalangan. Gas cipanon, pélor karét, jeung pamentung pabeulit di unggal kalang.
"Eureuuuuuun...! Kumaha ieu téh dararia, majar ngaku mibanda budaya nu silih asih asah asuh, majar mibanda tata titi duduga peryoga, majar sopan santun handap asor, mana dia, mana?!" Aya sawara handaruan ti Gunung Karang.
Nu démo, nu tawuran, nu garelut papada kampung, nu paséa parebut lapak, nu pasini prinsip di gedong déwan jeung nu pagujrud séjénna, simpé jempling. Nu jaga konci alun-alun ngahuleng, di tengah lapang jagaanana, aya saung kiréy jeung jalu kolot, nu keur cacahan kana bumi, kana langit, jeung kana angin nu jojong teu cumarék.
Ngan sakeudéung jaremplingna. Teu kebel géh maju deui. "Dasar, sagalana geus obah!" Abah kukulutus.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya