Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Palebah Iuh-iuh Pananjung

Minggu, 5 Mei 2013

LAMBAK pating surungkuy, paudag-udag, sorana séah ngumbah ngamparna kikisik di basisir. Parahu balawiri, pagilinggisik jeung nu anteng kokojayan suka-seuri.
Manéhna teu lemék. Panonna anteng neuteup ka jauhna, meuntasan umpalan galura nu ngayun ambing sagara. Dua dunya, antara kabungah jeung rasa nalangsa, dina gambaran éndahna alam ceuk sawangan rasa nu ningalina.
Mangtaun-taun kalarung. Masih angger, kalangkang nu gugupay bari kokoléaban nyéngcélak lamat-lamat ngajauhan na paningalna.
“Bapa....bapa....!” leungeunna ranggah, sorana semu peura.
“Teu kudu ditutungguan waé, Jang! Bapa nyanéh mah geus lugina di alam nu tacan kasaba ku urang!” ceuk indungna bari ngécagkeun said nu pinuh ku lauk asin. Késang nu renung dina tarangna disusutan ku tungtung leungeun bajuna.
Si Ujang teu ngajawab. Ukur panonna nu carinakdak. Sakeclak cimata murag, awor jeung tungtung lambak. Sambung létah keur nu jadi bapa, meuntaskeun kasono kana paésan nu teu puguh dumukna.* Zulaikha Sobana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya