Wangsit Sirit Wangi
OROK beureum tandukan dina kandaga nu diparebutkeun ku Ki Ibrani jeung Ki Balangantrang nu majar pinabieun di dunya Fikmin, bisa nyarita. Ceuk éta orok:
“Sayembara!, ka sing saha baé nu bisa nyurahkeun ieu wangsit, maka uing bakal ngadunungan ka manéhna.
Kekecapanna : waktu, tempat, pakéan, bacaan, gerakan jeung hasil” Pék béwarakeun ka balaréa.
Aki-aki ngaharuleng, laju ngémbarakeun ka sakumna rahayat désa. Merul, ngabrul tapi para pamilon nyararamos. Cunduk waktu datang hiji Prebu, nyarita antaré pinuh kawijaksanaan.
“Waktu rék ngamumulé tong diwates, ulah silih dagoan, sing keyeng tur mayeng; Tempat? nyaéta lapak nu matuh, maneuh, tur tumaninah, bisa ngamumulé on line di mana baé; Pakéan, siloka sangkang iatna, tarapti jeung lantip ngalarapkeunana; Bacaan, pék silih simbeuh ku pangaweruh, ronjatkeun ajén inajén ti luang papada urang; Gerakan nyaéta prak-prakanana sing luyu jeung ugeran; Hasilna? kudu jadi pépéling keur balaréa.” Les éta Prebu ngaleungit. Janggélék orok beureum jadi sinatria, kakasihna Bambang Fikminer.* Ki Sunda Sawawa - kisuta.com


