Nu Embung Disebut Paéh
“SUNATULLOH, geus kitu katangtuanana. Cai ngamalir ka hilir, angin ngahiliwir ka nu coréngcang, taya lian prinsip hukum alam geusan ngajaga kasaimbangan,” ceuk Manusa di hiji sawala.
“Oh…jadi uing téh dianggep sawates musafir, teu butuh imah keur titirah,” Cai roroésan leungiteun akar pamuntangan.
“Emh, kacida. Rék kumaha uing bisa nyimbutan mun hayeuh dirangsadan polutan kotka saroék?” Angin rumahuh bangun aral.
“Kuma Ngin, cuang béndrongkeun baé kitu?” Cai mropokasi Angin.
“Jiiih..hayu, rék Petit atawa Waledan?” Angin antusias.
“Kagoklah! Béndrong Macan Ucul wé sakalian! Wayahna hudangkeun Taneuh sina ngendang, jeung Gelap ngagoongan,” Cai méré paréntah.
“Siaap..Ndan! Lapan-enam!”
Angin mundur dua léngkah. Ancang-ancang ngumpulkeun tanaga. Belesur! Werrr..muter miyuni aseupan nonggéng. Buntutna lilimbungan, subat-sabet sabulang-béntor. Nu kalibas burakrakan. Sungutna mangap ngarandakah, ngajaul ka alak paul. Ngondang tatit tingtorélap. Dordar gelap handaruan. Breg! Hujan silalatang. Cai nyéah. Amarah ngagulidag nyéréd pasir nu bulistir. Riyeg! Gelegeeer! Lemah ngabura paheula-heula muru lengkob pilemburan, bareng jeung kocéak-dengékna manusa.* Helmi Pakudjati - kisuta.com


