Salam Sabrang, Kadongdong Cina
WANOH jeung manéhna tujuh taun ka tukang, ti saprak mimiti naratas jalan usaha. Bibilintik, nikreuh ngeureuyeuh ahirna bisa jadi pausahaan nu tohaga. Ti mimiti ngadegkeun pé-té, manéhna dibenum jadi sékrétaris. Gawéna rancagé, singer, pinter tur perténgtang mun pareng biantara. Pokona mah pracéka pisan. Pikareueuseun taya cawadeunana.
Unggal isuk mun pareng ngantor tara elat mapag ku salam bari imut, “Wilujeng enjing Pa...” Kuring males imut bari unggeuk.
Malem Minggu ieu, pasamoan di luar kota jeung para usahawan séjénna. Teu biasana salam nu sok digalindengkeun bet jadi béda rumpaka, “Pa... gugah tos énjing..!” Manéhna ngajanteng disamping anduk, buukna rancucut tas kuramas. Kuring kuliat ngararasakeun cangkéng nu asa pegat, urut macul tadi peuting di kotakan nu can dumuk susuratanana. Bodong! Ting tong! Bél kamer hotél disada. “Pih..! Assalamu’alaikum!” Apal kana sorana. Ngaranjug lir mireng gelap tengah poé éréng-éréngan! “Ieu Mamih nyusul!” Dada mingkin ratug tutunggulan. Awak leuleus lir kapas kaibunan.* Ki Sunda Sawawa - kisuta.com


