Merangan Hama
GEUS teu kuat ku jéngkél. Béréwék, kulit sirah dibébékkeun. Bar, diamparkeun. Jleng kana gumplukan palebah punduk tuluy disasar lalaunan. Keketeyepan, panon ngulincer néangan jirimna. Gulusur karasa ku leungeun, gurinjel. Beretek lumpat.
Geuwat diudag, kep katéwak. Gugurinjalan hayang leupas. Jekuk ditajong, getih ngaley palebah bujurna. Tapi awak jeung sukuna masih kénéh roroésan. Jebrod ditimpah, péjrél saharita. Puas, siah!
Rap, kulit sirah dipasangkeun deui. Dilelempeng dibebener, buukna dibérésan. Geus musna si mangkeluk téh ayeuna mah bakal tiis maol gégétrét waé. Golédag ngedeng tuluy reup saré.
Tengah peuting meujeuhna jempling, kuring tibra. Dina salah sahiji lambaran buuk aya nu nyéngcélak bodas beuneur, endog leutik. Peuting beuki simpé waktu éta endog mimiti meleték. Aya nu ngurumuy lalaunan. Mangkeluk leutik sukuna rapang sagenep-genep. Ngarayap lalaunan luak-lieuk néangan pamuntangan. Mapay-mapay lambaran buuk ninggalkeun cangkang endog, anjog nepi kana tempat nyirung buuk. Dirarampa bet asa ngenyod. Dicobaan ku sihung ditojoskeun. Jeletot…!* Aam Amarullah - kisuta.com


