Lalangsé ‘na Pecel Lélé
“Bid’ah! Musyrik, tatéh!” manéhna ngadongéngkeun, panyarék sobatna. “Tapi ari kudu dibedah mah, uingna narah,” nuluykeun. Kuring tonggoy, ngagusur piring. “Ceuk bangsa deungeun mah ‘innovation’, tatéh euy…” cekéng, kalem.
Buntut lélé dipoték. Lep, coél. Cung, “Cik, tina naon?” kuring nanya. “Céngék!” jawabna, kerung. “Urang Jawa, ngabid’ahan céngék jadi pecel. Ku urang Minang, jadi balado. Ning, Jawa-Minang teu paraséa? Teu silih cawad kana pamanggihna,” kuring mapandékeun. Kerungna ngipisan. “Tapi asa teu logis, aingah?” protés. “Baca The Power of Water!” kuring ngagebés. “Jadi teu musyrik?” panasaran. “Ni’mat seuhahna ieu pecel, ku ramo atawa ku séndok?” kuring malik nanya. “Nya ku létah atuh,” semu ngalédék. “Tah, musyrik henteuna tatamba. Lain ku dokter, ku ajengan. Lain ku terapis, ku herbalis. Tapi ku haté. Nu boga sir, yén maranéhna nu nyageurkeun.” Curinghak. Kerungna ngaleungit. Bareng jeung lélé. Nu dihuapkeun.* Dadi Arya - kisuta.com


