Si Uyut
UMURNA geus teu kaitung, da incu-incuna geus tunggang gunung. Kersaning nu Murbeng alam, dipaparin mapayan jaman. Nyaritana tatag, panona masih awas. Ari dibaju keukeuh hayang baju TNI. sakapeung, bakating ku euweuh
mah, baju urut hansip, sok metat, tara lesot. "Ucu, kadieu..," Pokna. Harita keur ngeukeuweuk gambar Pa Karno, teup diteuteup semu anteub, katembong, aya nu ngembeng dina juru panona. "Cu, bajuang mah, moal aya nu ngaleuwihan Jang Karno..." Bari nunjuk kana gambar. Barang keur kitu, torojol Si Cikal, gap kana remot. Bray TV hurung, dina acara sidang korupsi, pindah cenel, bray, acara sidang Paripurna, keur adu renyom di antara Anggpta DPR. "Sumpah., kami melakukan ini, hanya untuk rakyat..!" Ceuk salah saurang anggota dewan. Na, atuh teu kanyahoan, aya anu ngabelewer kana TV. Beletak, pray, gelas beling mancawura. Kuring Jeung Si Cikal ngarenjag. Si Uyut ngajengkat kaluar bari bangkenu...* Yuharno Uyuh - kisuta.com


