Lalaki ‘na Tungtung Hujan
MALEM Minggu. Hujan ngecrek ti soré kénéh. Matak mugagkeun lampah. Didagoan raatna lain dagoaneun. Rét kana arloji. Aya sajamna nungguan. Hanjakal teu mekel payung, haroréam ari kudu huhujanan waé mah. Nu lain geus mimiti
ninggalkeun gedong, gura-giru balik najan kudu nyorang hujan.Tinggal kuring jeung manéhna nu masih cicing. Kuring anteng maca. Kitu ogé manéhna. Pada-pada anteng. Rohangan beuki karasa simpé. Ukur keclak cihujan nu nyora. “ Tos karaos, Nung?” Rungah ringeuh nyidikeun asalna sora. Karérét teuteupna di satukangeun buku. Teuteupna leleb. Nganteurkeun asih nu wening. Hujan karasana beuki ngagebrét dina jajantung. Rasa nu dilelebah salila dua bulan, ayeuna nyata karasa. Teu sanggup kedal ngajawab pananyana. Haté pagaliwota, samar rasa. Kuring ukur ngaheneng bari ngulinkeun ali meneng. Nu geus lila mapaésan jariji katuhu. Katalimbeng disaksian hujan.* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


