Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Obsési

Rabu, 8 Mei 2013

LAMBARAN kertas, nyacas bodas kénéh euweuh céda, can aya notasi tulisan nanaon. Manéhna teu apal lagu jeung arransemen naon nu rék dijieun ayeuna. Lamun ieu keur ngimpi. Manéhna hayang lumpat ngahontal ciptaan. Ngigelan jaman maké wirahma grunge atawa hard rock kokowowongan siga anjing édan. Kacipta anu lalajo moyég jeung silih ciduhan. Crot! Partitur not balok kalah tingkalayang narapel dina langit-langit, lalumpatan tina embun-embunan. Manéhna hirup asa kasengker ku tembok sarwa bodas, teu bisa kamamana.”Komponis, ayeuna waktosna nuang landong,” ceuk perawat bari ngasongkeun pél jeung cai sagelas. Di tungtung rohangan, karérét tulisan anu teu robah-robah unggal poé. Bangsal hiji Rumah Sakit Jiwa.* Iwan Hanjuang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya