Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Biwir

Rabu, 8 Mei 2013

ANGIN ngahiuk. Neumbag jandèla kamar. Pluk. Aya biwir ragrag kana dipan. Biwir lalaki. Kumisan, imut, renya renyu. Uing ngembang kadu. Langit ceudeum. Hujan turun, semu rusuh. Titingalan samar. Angin ngagelebug. Plak... Plik... Pluk. Biwir rapluk, moncor tina sela kentèng bocor. Mayak dina ubin. Laju laluncatan. Pel, napel. Na palang dada, na lalangit kamar. Tingsèrèngèh, jeba-jebi. Ngacambling, ngabuih. Hareneg. "Saha nu boga biwir?" Boa-boa, lalaki nu dagang obat di parapatan? Atawa tukang kècap di pèngkolan? Mang Marebot? Pa Kiai? Bisa jadi. Lalaki nu dipèpèndè simpè, rumahuh, biwirna nerejel, ngacleng. Ngahaja kitu nyingsieunan uing? Naon salah uing? Uing teu nyaho, biwir saha atuh?* Nena Cunara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya