Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Anjing 3

Rabu, 8 Mei 2013

TAUN-TAUN laki rabi. Teu baé diparengkeun boga turunan. Padahal sapatemon méh saban peuting. Pirang cara. Pirang gaya. Teuing saha nu gabug. Da teu kungsi mariksakeun ka dokter. Inggis rumah tangga jadi bengkah. Sieun mun kudu ngejat atawa dipangejatkeun. Rumasa sarua gedé duriat. Antukna lumpat ka alternatif. Ngilu senam. Ngilu yoga. Ngonsumsi pitamin. Nginuman jajamu. Angger. Kempléng. "Teu kénging strés. Kedah seueur hiburan" Digugu. Saban salaki peré, sok diajak pelesir. Ngadon ulin. Piknik ka tempat-tempat nu pikabetaheun. Mondok moék di hotél méwah. Weléh. Taya tanda-tandana. "Kudu ngukut anjing hideung!" Digugu. Ngahaja meuli nu alus. Beresih. Jeung geus ngarti. Dipiara. Diparaban. Dipikanyaah. Dingaranan. "Bléki! Hayu!" Dibabawa ka mamana. Komo basa salaki remen dines ka luar kota mah. Perhatian tamplok ka si Bléki. Asa aya batur keueung. Tepi ka saré gé saranjang reujeung. Enya wé. "Sudah masuk minggu ke-30, bu. Sepertinya, kembar 4 ini" ceuk dokter bari nuduhkeun gambar dina monitor USG.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya