Basa Lambey Urang Paantel
MOTOR nu nyiap kuring lebah péngkolan, tekor. Tipolését. Nyuksruk, nyungseb ka susukan. Di totowang éta ukur kuring jeung manéhna. Taya saksi mata. Haté sabil! Api-api teu nyaho bari ngabéngbéos atawa buru-buru tulungan sugan hirup kénéh.
Dibeuweung diutahkeun sababaraha kali. Bari ngadadago sugan aya batur séjén nu ngaliwat, rék dijadikeun batur pakukumaha. Wanci beuki nyedek ka sareupna. Girimis mingkin ngabadagan. Nu cilaka teu kecét-kecét. Ahirna gilig. Euweuh kaputusan nu tanpa resiko, taya pangalaman nu teu mawa bahya. Mun aing teu wani, hartina sarua jeung hirup tapi acan pernah gumelar ka alam dunya.
Nu cilaka, dipangku, digolérkeun sisi jalan. Hélemna dibuka, rambutna ngarumbay nutupan rarayna nu sepa, untung tatuna teu pati parna. Nadina lemah, napasna eureun. Diguyah-guyah angger taya perobahan. Kapaksa napas buatan! Tilu kali ditiup, nyah beunta. Rét ka kuring. Matana buringas. Ragamang leungeunna nyekék jangga. Rikat diképéskeun, ngajauhan. Manéhna mabur bari nyikikik ngiles dilegleg petengna dapuran awi. Totowang mingkin geueuman.* Ki Sunda Sawawa - kisuta.com


