Sastra & Humor
Sajak
Samangkok Cipanon
Rabu, 8 Mei 2013
Samangkok cipanon
hiji indung ngamandian anakna
nu perlaya na tungtung kabingung
basa ngadagangkeun botol-botol nasib
di peuntaseun pajaratan sajarah
Samangkok cipanon
hiji indung ngelap sésa-sésa getih
nu garing dina dada barolong anakna
kaangseu hangit pelor
jeung dalingding malati
Samangkok cipanon
teu daék béak dipaké ngamandian pangeusi nagri
Inda Nugraha Hidayat – kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


