Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Salah Ngahartian Jihad

Rabu, 8 Mei 2013

TILU bulan ayeuna, Ajengan Sarip keur pinuh ku kahariwang. Geus aya kana tilu belas santrina nu menta ijin kaluar ti pasantrenna.
Nu dipikahariwang, lain pedah beakkeun santri, da nu aya ge masih keneh ngaratus jumlahna teh. Tapi nu dipikahariwang ku Ajengan Sarip mah, eta tilubelas santri nu kaluar teh bet pindah masantren ka Ustad Abu Hannan, nu tempatna di leuweung jati, kiduleun lembur Cihawuk, lemburna Ajengan Sarip.
Cenah, ceuk beja. Di leuweung teh, ngajina mah ngan ukur sajam. Lolobana mah dipake latihan siga tangtara, siga soldadu nu rek nyanghareupan perang. Malahan alat-alat keur latihannana oge asli pakakas perang.
Kacaritakeun, poe minggu isuk-isuk. Aya bom nu ngabeledug di gareja kota. Tujuh jalma perlaya, kaasup nu mawa bomna.
Di Cihawuk. Di hareupeun tipi. Ajengan Sarip ngeclakkeun cimata. Dina tipi ditingalikeun poto Jang Warsa, santrina nu kaluar tea, nu dicaritakeun salaku jalma nu mawa bomna.* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya