Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Petrus

Kamis, 9 Mei 2013

GEUS dua nu tiwas. Gudawang lebah dada. Petrus, petrus, rame jadi warta. Manehna neneangan panyumputan. Rumasa geus gagabah ngumbar cinta nu kareueut ka Sevia Gerdanella, nepi ka harita nu nyaksian di Plaza Memoria kasima. Korban nu kahiji, apan tiwas sanggeus ngalamar Vera Carminae di taman kota. Korban kadua didereded waktu ngarayu Maria Estelano dina acara Asmara Murka di Radio Con Amora. Ceuk warta, gede kamungkinan korban ditembak lantaran geus nyebarkeun virus asmara sakama-kama ka jalma rea. Ari sababna, Cinta Kemba Society nu misterius geus ngaku nembak korban dina situs Amores Perros. Tapi saha maranehna, saurang ge taya nu apal. "Sevia," ceuk manehna bari kukurusukan, "Engkang teu bisa miara cinta kemba kawas lalaki-lalaki teu waras Lembah Cililinia."* Darpan A Winangun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya