Ladang Nyimbutan
SANGGEUS salakina kapilih jadi lurah. Nurmi, dumadakan jadi umangkeuh. Cap jahéna mingkin napel. Ceulina remen geunteul. Loba nu kaduhungeun milih salakina jadi lurah. Pareng aya pangajian, tablig akbar. Masarakat tungkeb.
Heurin usik. Nurmi témbong gumeulis. Reunceum. Sagala diterapkeun. “Bu Lurah, geuning linggihna teu di payun?” ceuk Nini Asnah, bari rengkuh. “Ah, hoyong didieu wé, sareng ibu-ibu!” témbalna, bari gulak-gilek. Gék diuk gigieun Nini Asnah. Pas acara ngadoa, jep jempling. Husu pisan. Na atuh, dumadakan, aya sora nu meledos. Meledek. Atuh anu dariuk di tukang pahibut, marencét irung. Bari seuri ditahan. “Cik, sopan atuh euy! Boga bujur butut mah, tong dibawa pangajian! “ ceuk budak pamuda, nyelengkeung. Nini Asnah geuwat nangtung. Bari ngaharewos. ”Hampura barudak, bujur Nini mah teu bisa diajak masamoan!” pokna. Semu kéom. Pangajian lekasan. Isukna. Nini Asnah ngarasa kagét. Tara tisasari, kadatangan lurah, bari mawa béas sakarung jeung bahan pibajuaeun.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


