Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Bengras

Kamis, 9 Mei 2013

Késang ngagarajag. Béca diboséh sataker tanaga. Rénghap ranjug muru patugas. Juragan Sudarma diperenahkeun kana blangkar. Cuh-cih nu mariksa keteg jajantung. Masang oksigén. Mang Minta kudu néken sangkan Juragan Sudarma gancang dibéré tindakan. Rurusuhan nebus resép. Teu owel najan lain harga saeutik. Untung boga tabungan, ladang késang welasan taun. Aya kahayang nu duka iraha diparengna. Juragan istri nyarékan bari rawah-riwih. Majar nyanyahoanan. Mang Minta ngeluk teu wani melong mobil nu ngageuleuyeung muru rumah sakit.
Rada reuwas kadatangan Juragan Istri nu diiringkeun ku Juragan Sudarma teh. Pamajikanana mugen. Ginggiapeun kénéh, sabab kungsi dituding maling. Sanggeus lila ngabandungan pamaksudan Ki Sémah, nu ngadedempés di dapur kadéngé nginghak. Bareng jeung salakina nu ngedepruk sujud sukur. Cimata bagja mapag paniatan Juragan Sudarma. Ngajak jarah babarengan.* Teti Taryani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya