Sabil
NU keur ngahékak téh diteuteup ku manehna. Ngalimed, ponyo nakeranan. Teu singna gering. Kasépna teu laas, gerentesna. "Motor tos diical, kanggo biaya akang," manéhna mimiti pok, ukur dibales ku unggeuk. Alatan remen larsup.
Teu lila, SMS-na disada, laju dibaca, "tos tong diémutan deui, ngiring ka bapa baé." Pugag. "Sakedap deui si adé ka SD," pokna deui, ukur aya nu nyéréngéh. Geus jadi gurat, bongan bogoh, bongan milih. Surti kana nasib, rék dibeureum, rék dihideung. Najan hirup ukur huap hiji diduakeun. Ras kana kanyaahna nu kasep, leleb-anteb. Hanjakal, kalan-kalan, mun keur jejeg. Sabar boga wates wangen. Poé ieu, malahmandar, manéhna geus asak rampa, rék suda. Kalah agag-égég, teu wasa laju, kandeg. SMS-na disada deui, "bapa badé tigin ngantosan," kitu eusina. Rét deui ka nu kasép, keur gegerendeng bari nyikikik. Ras ka budak, parabaneun. Sabil minuhan haténa.* Budi Mugia Raspati - kisuta.com


