Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Ceurik Dina Lahunan

Jumat, 10 Mei 2013

INGET kana amanatna, basa ngagukguk dina lahunan, "Mun enya Akang nyaah ka abdi, omat ieu kajadian pangrusiahkeun." Kuring tuluy ngumbara ka kota, niat rek ninggalkeun lembur salilana. Tapi eta amanatna bet nongtoreng deui basa ningali manehna ngaliwat ka hareupeun imah Ema, waktu kuring ngalongok lembur. Ceuk Ema duka ku naon manehna milih henteu kawin.
Ngan ka kuring manehna harita daek nyarita, sanggeus kuring sorangan diraponan ku nu ngagadabah manehna di satengahing sawah garung, dina katiga nu entak-entakan. Kuring paham mun nu ngagadabahna, babaturan sorangan, ngarusiahkeun eta kajadian. Tapi kuring teu pati paham naon alesan manehna pikeun tuluy lalagasan.
Rusiahna, ku kuring dipendem nepi ka ayeuna. Nepi ka ayeuna ...* Darpan A Winangun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya