Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Halimun Urug

Sabtu, 11 Mei 2013

TANJAKAN Emen geus kaliwatan.Lebah hiji pudunan, jalan mimiti teu nyari. Loba liang nu gudawang. Matak lewang. Gas dilaunan, motor rengkag rengkog, sakapeung ajlug ajlugan.
Tonggoy teuing nempo jalan. Hareupeun geus nampeu halimun. Kandel pisan. Nutupan jalan.
Lampu motor hurung. Angger rarang rorong. Jalan ampir teu katembong. Barang rek saregregeun, bray...halimun ngadadak nyingray. Jalan teu mudun jeung garokgek deui. Ayeuna mah bet ngabulungbung, kacaangan layung. Ret ka handap. Lain jalan aspal. Ieu mah jalan tina batu. Sarimbag ukuranna. Dipapas teuing ku rata. Jigana sadeupa-sadeupa. Panenjo neuteup rada jauh kahareup. Breh,.. kawas gapura. Hareupeunna aya duaan nu keur ngabedega. Samakta.
Hate padungdung. Tibatan kasarung di nagri linglung, mending mulang deui ka Bandung. Kaduhung geus ninggalkeun nu keur ngariung.* Asep Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya