Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Rapat Sato

Sabtu, 11 Mei 2013

NGADAK-ngadak anѐh, ahѐng. Dina waktu harita mah sasatoan tѐh alakur. Minangka nu boga ideuna mah Singa dumѐh geus didaulat jadi raja di leuweung. Atuh nu purah ngogan, dipercayakeun ka ucing. Pokona sakur sato anu boga masalah, katugenah ka manusa, diogan. Rapat langsung dimimitian, ku ngageremna singa, minangka tanda rapat resmi dibuka. Nu hadir ampir ngaracleng. Sawan. “Sok, saha heula..? Cѐk Singa, bari nembongkeun sihungna. Monyet ngacung. “Uing heula. Uing ngarasa teu ngeunah, ku manusa geus dijieun lambang hawek, sarakah...” Ucing nѐmpas. “Leuheung didinya mah, tapi uing.., leuwih teu ngeunah, geura wѐ, ngaran uing jadi ruksak dijieun lalandian; Ucing garong, ucing gering...” Beurit nyangangang, ka ucing, tapi teu wanieun deukeut, sieun talajak aslina kahudang. “Yeuh moal nu leuwih nyeri hatѐ jiga kuring. Kuring mah geus dijieun lambang kajahatan para gegedѐn manusa, padahal, da eusi beuteung tѐh teu sabaraha, ku bѐas sacomot ogѐ geus seubeuh.” Pokna bari ngalimba. “ Ngan sakitu nu nepikeun katugenah tѐh..? Ucing, beurit jeung monyet, silih pencrong, laju rungah-ringeuh. Barang keur kitu, jerit. Aya sora nu ceurik ngabangingik. Nu hadir ngarѐret. Reuwas. Sihorѐng, buaya jeung lѐntah, keur paungku-ungku.*  Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya