Mumuluk
SEUNEU ngagedur tina suluh pangpung anu keur diasur-asur, sorana pating beleték, ngan sakilat ninggalkeun ruhayna ruhak nu marakbak mawa héabna panas nu karasa mani nyongkab.
Bari dihararudum sarung, Mang Ijan, Bi Késih, katut anak-anakna anteng saridéang, ngalawan nyecepna hawa isuk nu nyelesep ngaliwatan bilik imah anu carang.
Seungitna opak ceré jeung opak ketan anu keur dibeuleuman ku Si Cikal, kaangseu angin-anginan. Ngan saréak teu kaur aya anu asak, réwak parebutan.
Mang Ijan ngoérkeun lebu, bubuy hui pating goréhél. Dikepruk-kepruk na tarang hawu, tuluy diasongkeun ka barudak nu geus kumétap bangun nu lapar.
“Kadé bisi sumedut kénéh, Kang! Kuriak barudak bunghak...!” ceuk Bi Késih.
“Barudak urang mah pait daging pahang tulang, nu atah waé digorogotan. Biasa nyirung, diparab ku lalab rumbah. Leuwih séhat tibatan anak gedongan!” témpas Mang Ijan.
Bangun barungah jeung ni’mat pisan, barudak anteng balakécrakan. Pinuh ku rasa syukur, teu baha sanajan hirup dina kabasajanan.* Zulaikha Sobana - kisuta.com


