Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Sajak

Kaéndahan Peuting

Minggu, 12 Mei 2013

Dina télévisi, pulisi néwakan careuh

bulan di sisi jalan

Lalaki jeung awéwé pagalituk

Dina reup bray kingkilaban peuting

Panggero malékat kasilep brangbréngbrong

Musik teu puguh déngékeuneun

Seuri durjana nyakakak tina botol-botol campaigne

Jaladri ngagalura jero dada

Ngawurkeun hangru naraka

Késang nyarakclakan ngajanggélék talaga peteng

Karem birahi dina keukeupan

“Wonderfull tonight”

Ku éndah peuting maksiat. Pikabitaeun.

ti méja ka méja

Salaksa malékat bur ber

nyatetkeun billing.

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya