Sastra & Humor
Fikmin
Gideug Nu Sarua
Minggu, 12 Mei 2013
“JANG ari Ujang percaya ka Pangeran?” ceuk hiji Bapa ka anakna. Neuteup anteb kebek ku rasa cangcaya.
“Henteu..” walon anakna antara yakin jeung teu paduli kana omonganana sorangan.
“Naha jang?” Bapana nanya deui sanggeus ngahuleng sajongjongan.
“Margi Ujang teu ngartos kana patarosan Bapa,” walon anakna, bari neuteup pameunteu bapana bari semu ngemu pananya.
“Ehh…. naha make teu ngarti? Pan sakitu jelasna,” ceuk bapana bari malik neuteup..
“Pangeran, sarua sesebutan dina basa tapi beda rasa nu kaalaman jeung beda nu kagambar dina implengan Bapa jeung Ujang; Pangeran Bapa jeung Ujang teu sami.”
“Naon buktina beda, Jang?” ceuk bapana panasaran.
“Naon buktina sami, Pa?” anakna malik nanya.
Duanana gideug meh bareng...* Ki Lalat Socrates - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


